CIRI JALMA SOLEH AYA 4

Assalamualaikum wr
wb..
Puji sinareng syukur mangga urang panjatkeun ka hadirat allah swt kanggo
sadaya limpahan rahmat sarta hidayahna urang tiasa kumpul sasarengan dina
tempat ieu.
Salawat sareng salam mugi teteup kacurahkeun ka jungjungan urang sadaya
nyaeta nabi muhamad saw
. Mugia urang sadaya kalebet kana umatna anu
diberkahkeun ku allah, amin yaa robbal alamin.
Hadirin sakalian..
Tina kasempatan ieu, alhamdulilah urang tiasa pateupung dina acara pangajian
kagamaan, judul
ceramah nu baris bade di pindangkeun ayena nyaeta rupa rupa
ciri jalma soleh.
Nah, ari soleh teh nyaeta hiji sifat anu kedah wajib aya di tiap jalma anu
ngaku agama islam. Sabab ku
jalan soleh urang bisa taqwa ka Allah SWT, tapi
kiwari ayena mah loba jalma anu hayang soleh tapi teu
apal kana jalan kumaha
supaya jadi jalma soleh.
Anu malah kadituna lain jadi jalma soleh kalah jadi
jelema siga soleh. Antara soleh jeung siga soleh
nyaeta beda jauh, sabab ari
jalma soleh mah aya cirina anu tos dijelaskeun dina Al-Qur’an surat Al Imran
ayat 114, dina ayat eta dijelaskeun bahwa ciri jalma soleh teh aya 4 nyaeta:
Ka hiji, Iman Ka Allah
SWT Sareng Kana Poe Akhir
Ciri kahiji jalma soleh nu kahiji teh nyaeta jalma anu iman Ka Allah jeung
kana Poe Akhir, naon
kaitanana
ari jalma soleh teh kudu percaya ka Allah jeung
kana Poe Akhir?
Sabab hiji jalma lamun boga kaimanan anu bener manehna moal gagabah dina
ngalaksanakeun ibadah
ka gusti allah, hartina bakal bener-bener ngajalakeun
parentah Allah sasuai Syarat, Ruku, sareng Elmuna.
Jalma anu Iman Ka Allah bakal salawasna ngajalankeun ibadah kalayan make
Elmu. Kadua kaitanana
jalma soleh kudu percaya kana poe akhir, sabab jalma anu
percaya kana poe akhir manehna bakal
salalawasna ati-ati dina samemeh
ngajalankeun hiji perkara jeung bakal Tadabbur (mikirkeun kana
akibat anu bakal
timbul tina eta perkara).
Ka dua, Marentah kana
Ma’ruf
Nurutkeun kana ulama, ari definisi ma’ruf teh nyaeta Perkara anu di nilai
bener ku aturan syara jeung
adab. Hartina jalma soleh mah sok peduli kana perkara
anu bener bari ngajak kana eta perkara, contona
sapertos solat, puasa. jeung
perkara perkara anu sejena.
Terus ari ma’ruf nurutkeun kana adab sapertos lamun dina aturan sakola mah
barudak teh kudu datang
tepat waktu, tah eta oge bisa disebut ma’ruf.
Jalma soleh teu weuleh ngajak ka sasama jalma kana perkara anu bener,
hartina moal nyaman ngalakukeun kahadean sorangan lamun anu sejen heunteu
ngalaksanakaeun.
Ka tilu, Nyarek kana
Munkar
Lamun definisi munkar nyaeta lalawanan tina maruf, hartina sagala perkara
anu dianggap teu alus ku
hukum syara jeung ku adab.
Dina hal ieu, jalma soleh mah moal betah lamun nempo hiji hal anu teu hade
katempona, mangka jalma
soleh mah tara ngantep kana pamunkaran, cara nyegah
pamunkaran geus diajarkeun ku para ulama dina kitab Sulamuttaufiq.
Yen, lamun di mana-mana urang ningali hiji pamunkaran, maka wajib eta urang
nyarekna etamah rek
nyarekna ku ucapan, atwa ku kalakuan, atwa kumaha wae
carana supaya eta pamunkaran teu dipigawe.
Ka opat, Ngaburu buru
kana ka alusan
Ciri jalma soleh anu terakhir nyaeta ngagagancang kana ka alusan, hartina
tara nunda-nunda kana hal
anu sipatna alus, teu kudu di ajak. Tapi dina
ngalaksanakeun kaalusan aya nu leuwih penting anu kudu
ku urang diperhatikeun,
lain ngan saukur kudu geuwat tapi anu paling penting nyatu Elmuna.
Jadi, percuma wae lamun urang ngaburu-buru migawe kaalusan ari elmuna
kosong mah, da hiji kaalusan atawa ibadah lamun teu make elmu eta teh moal
ditarima ku gusti.
Nah, hadirin nu dimulyakeun ku allah, sakitu wae ceramah anu tiasa ku
simkuring teupikeun, Mudah mudahan ku ayana ieu penjelasan urang bisa kaasup
kana kriteria jalma soleh, Amiiin yaa robbal alamin
Wassalamualaikum, wr,
wb..
0 comments:
Post a Comment